Khamis, 14 Februari 2013

Sasakala Gunung Sawo



Assalamu’alaikum wr. Wb

Wilujeng siang/sonten , wilujeng patepang sareng simkuring wasta ........................................ dina acara dongeng sunda.
Simkuring bade ngabantun cariosan “Sasakala Gunung Sawo”

Dina tatar sunda palih kidul, aya hiji wewengkon pagunungan anu aheng nangtawing luhur, jeung langka kusaba ku jalma.

Dihandapeun eta gunung seueur pakampungan diantarana Cilangkap, Cijati, Kadupandalk sareng hiji wahangan badag nu katelahna Cibuni, sanajan seueur pakampungan di sabuderan eta gunung tetep eta tempat teh angker tur geueuman.

Kacaritakeun aya hiji jajaka anu rek ka eta patempatan disatengahing jalan eta jajaka pasangrok jeung aki-aki anu jengotna panjang tur bodas. Aki-aki nanya ka eta jajaka :
Aki                :      Rek kamana jalu ? aprak-aprakan ka ieu patempatan !
Jajaka            :      Manawi aki maksad ka gunung, nanging saurna kedah ka kuncen heula, manawi aki uninga di palih mana linggahingna eta kuncen teh ?
Aki                :      Oh... kitu! Lamun dipercaya mah aki minangka kuncen di ieu tempat
Jajaka            :      kaleresan atuh pami kitu mah!
                            Cing kedap kumaha abdi teh ?
Aki                :      Hayu atuh jalu tuturkeun aki

Gancang ning carita aki-aki jeung eta jajaka. Nuju ka eta gunung.
Barang nepi ka puncak gunung si jajaka rarat, reret, ari ret aya tangkal anu geude tur leubeut ku buah.
Si jajaka nanya ka aki-aki.
Jajaka            :      Ki tangkal  naon eta meni geude tur leubeut ku buah?
Aki-aki           :      Apanan eta tangkal sawo tea jalu
Jajaka            :      Ki tiasa nyobian eta buah teh ?
Aki-aki           :      Bisa diasaan tapi kudu di dieu di daharna!
Jajaka            :      Naha make kitu ki?
Aki-aki           :      Tah kieu dongengna teh jalu!
Lamun di daharna ditempat karasa amis tur kareueut, tapi lamun eta sawo di bawa kaluar ti ieu tempat bakal salin jenis jadi batu.
Tah kitu jalu dongengna teh.
Jajaka   :           oh..... kitu aki!

Ceuk beja na mah eta aki-aki teh dikuburna di handapeun eta tangkal sawo malah lain ngan saukur pajarahan hungkul. Tapi kiwari jadi pamiceunan jalma anu dipaehan.
Malah eta patempatan teh. Nepi ka kiwari katelah gunung sawo.

Mung sakitu nu kapihatur.


Wassalamu’alaikum

1 ulasan:

  1. Casinos Near Foxwoods Casino, Uncasville, CT
    Hotels 1 오산 출장샵 - 12 of 65 — 이천 출장샵 Looking for casinos 안성 출장마사지 near Foxwoods Casino, Uncasville? Visit MapYRO® and other Casinos Near Foxwoods Casino, United States and 김천 출장마사지 get 보령 출장마사지 reviews,

    BalasPadam